Kamis, 11 April 2013

JAFUNISUN - KURING BOGOH KA MANEHNA LYRIC

KURING BOGOH KA MANEHNA
Jafunisun

Dina mimitina kuring papanggih jeung manehna
Eweuh pisan rasa nu matak kabina-bina

Dina mimitina kuring pependak jeung manehna
Saukur ngarasa rasa nu matak biasa

Ngan teuing ayeuna kuring ngarasa bogoh
Ayeuna kuring ngarasa sono
Kudu dinyatakeun, ku maneh dengekeun, kuring rek nyarita

Kuring bogoh ka manehna
Ngan maneh tong sok bebeja
Bisi engke si eta na kalahkah baeud

Kuring bogoh ka manehna
Ngan maneh tong waka bebeja
Bisi engke kuringna nu ngarasa eraeun

Kuring bogoh ka manehna
Ngan maneh ulah waka bebeja
Keun wae kuring ke nu nyarios soranganeun  

4 komentar: