Kamis, 11 April 2013

JAFUNISUN - KUNTI LYRIC

KUNTI
Jafunisun

Sorangan diuk na tatangkalan
Buuk panjang. Seurina cakikikan
Mun beurang teu katingali
Mun peuting osok milari
Jelema anu sieunan
Ngudag nepi salumpatna

Sorangan diuk na tatangkalan
Bobodasan. Nyisiran buuk nu panjang
Ceunah mah tiasa ngapung
Ceunah mah bisa ngalayang
Sing ulah kuring pependak
Mun pendak rek ditepangkeun

Ngaranna kunti !
Ngaranna kunti !
Osok disebut keur nyingsieunan

Ngaranna kunti !
Ngaranna kunti !
Lamun aya rek diajakan duet

Sorangan (duka keur naon) diuk na tatangkalan (eweuh pagawean)
Bobodasan. Nyisiran buuk nu panjang

Ceunah mah tiasa ngapung (eta mah ditalian)
Ceunah mah bisa ngalayang (eta mah bobohongan)
Sing ulah kuring pependak (kahade mun sorangan)
Mun pendak rek ditepangkeun

1 komentar: