Sabtu, 13 April 2013

SUNDAY WITH MY GIRLFRIEND - YOU'RE SO SWEET LYRIC

YOU'RE SO SWEET
Sunday With My Girlfriend

I love you more than you know
Cause that all i've got
I hope you will understand
And we'll always keep the faith
Between us

I feel you're so special
In my life and in my soul
I'm always waiting
You in here
Standing in the rain but never pain

You are so sweet
You're so shine today
You're so wonderful in my day
You very very ordinary

Give me the light
Cause you're my stars
When i pain
I would never feel alone

Stay with me honey
Everytime feel empty
Everyday feel lonely
If you're gone from me
One more time to say
Please don't go away

Kamis, 11 April 2013

JAFUNISUN - TAHU SUMEDANG LYRIC

TAHU SUMEDANG
Jafunisun

Tahu Sumedang, tahu nu matak sono
Ceuk kuring can aya anu bisa ngelehan
Tahu Sumedang, tahu nu pang raosna
Komo dicengekan, komo lamun disambelan

Ngeunah ceuk murangkalih, ceuk nu kolot, ceuk nu ngora
Ti peuting nepi ka hayam kongkorongok, anggeur ngeunah ah ah..

Ceuk saya.. Tahu iyeu anu ngeunah
Ceuk saya.. Tahu nu pangraosna
Ceuk saya.. Nu iyeu karasa gurih
Ceuk saya tahu na teh matak hade

Sanes harewos, karasa ku sorangan
Nu iyeu can aya anu bisa ngelehan
Tahu Sumedang, tahu nu pang ngeunahnana
Erek disanguan raos oge ditambulan

Ngeunah ceuk murangkalih, ceuk nu kolot, ceuk nu ngora
Ti peuting nepi ka hayam kongkorongok, anggeur ngeunah ah ah..

Ceuk saya.. Tahu iyeu anu ngeunah
Ceuk saya.. Tahu nu pangraosna
Ceuk saya.. Nu iyeu karasa gurih
Ceuk saya tahu na teh matak hade, matak hade..

JAFUNISUN - SOMETIMES SILENT IS NOT GOLD LYRIC

SOMETIMES SILENT IS NOT GOLD
Jafunisun

Sometimes silent is not gold
How could i know if you don't say anything
You have to say it clearly so i can understand

Sometimes silent is not gold
Because sometimes it is crowded around me
You have to make it loudly or you have to scream

Which one you dislike. Tell me so i can be better
Which one you dislike. Tell me so i can fix it
Couse every body makes mistake
Couse every body makes mistake
The best on it show sorry
 
Sometimes silent is not gold
Sometimes what good for me is not good for you
So we have tolk and find the midle way

JAFUNISUN - SONO KA IMAH LYRIC

SONO KA IMAH
Jafunisun

Asa tos lami, kuring teh aya didieu
Asa tos lami, karasa lami papisah
Tos hoyong uih, lami teu balik ka imah
Sanes teu betah, sanes rek tereh papisah

Da kuring sono rek balik ka imah
Sono rek balik ka lembur
Mendakan aki nini, sepuh jeung kulawargi
Rek pendak oge jeung babaturan

Da kuring sono rek balik ka imah
Sono rek balik ka lembur
Ngobor ngurek disawah
Ngarojay di walungan
Liliwetan bari nyarita

Asa tos lami, kuring teh aya didieu
Asa tos lami, kuring teh ngantunkeun lembur
Tos hoyong uih, tos hoyong balik ka imah
Karasa pisan, meuni sok kabayang-bayang

Da kuring sono. Da kuring sono. Da kuring sono
Tos hoyong balik ka lembur
Da kuring sono. Da kuring sono. Da kuring sono
Tos hoyong balik ka imah

JAFUNISUN - SAINGAN LYRIC

SAINGAN
Jafunisun

Maneh mah jeung si eta teh
Meuni sok sagala wae
Nanaon oge jadi lomba
Nanaon oge jadi saingan

Maneh mah jeung si eta teh
Meuni sok sagala wae
Hayoh we ngadakeun lomba
Hayoh we ngadakeun saingan

Geus jiga si Metro jeung si One
Geus jiga si Alfa jeung Indo wae
Geus jiga si Barca jeung si Madrid wae
Geus jiga si Windows jeung si Apple wae

Maneh mah jeung si eta teh
Meuni sok pasea wae
Lamun nu hiji tos hoyong
Nu hiji na ge jadi hoyong

Maneh mah jeung si eta teh
Meuni sok sagala wae
Masing oge aya alusna
Kade we jadi teungteuingeun

JAFUNISUN - KURING BOGOH KA MANEHNA LYRIC

KURING BOGOH KA MANEHNA
Jafunisun

Dina mimitina kuring papanggih jeung manehna
Eweuh pisan rasa nu matak kabina-bina

Dina mimitina kuring pependak jeung manehna
Saukur ngarasa rasa nu matak biasa

Ngan teuing ayeuna kuring ngarasa bogoh
Ayeuna kuring ngarasa sono
Kudu dinyatakeun, ku maneh dengekeun, kuring rek nyarita

Kuring bogoh ka manehna
Ngan maneh tong sok bebeja
Bisi engke si eta na kalahkah baeud

Kuring bogoh ka manehna
Ngan maneh tong waka bebeja
Bisi engke kuringna nu ngarasa eraeun

Kuring bogoh ka manehna
Ngan maneh ulah waka bebeja
Keun wae kuring ke nu nyarios soranganeun  

JAFUNISUN - TI SOREANG KA KOPO LYRIC

TI SOREANG KA KOPO
Jafunisun

Ti soreang ka kopo kana angkot nu hejo
Ngan sorangan, kuring diuk ditukangeun

Ti soreang ka kopo kana angkot nu hejo
Tos ulin ti imah wargi ngan areuweuh

Tadi na mah kuring na teh rek tuluy ka Ciwidey
Ngan sorangan kuring sieun da teu nyaho

Kuring lieur rek kamana
Rek tataros kuring era
Kuring lieur rek kamana
Rek tataros teu bisa Basa Sunda
Tungtungna mah balik deui ka imah

Ti soreang ka kopo kana angkot nu hejo
Di dituna kuring ngadon ngadagoan

Ti soreang ka kopo kana angkot nu hejo
Da sorangan jadi nyasab we lungsurna

Ditempo teh dina pelang kalah kah Leuwi Panjang
Nya atos we balik deui ka Tanggerang

Kuring lieur rek kamana
Rek tataros kuring era
Kuring lieur rek kamana
Rek tataros teu bisa Basa Sunda
Tungtungna mah balik deui ka imah
Tungtungna mah udar ider salieurna
Tungtungna mah balik deui ka imah

JAFUNISUN - KUNTI LYRIC

KUNTI
Jafunisun

Sorangan diuk na tatangkalan
Buuk panjang. Seurina cakikikan
Mun beurang teu katingali
Mun peuting osok milari
Jelema anu sieunan
Ngudag nepi salumpatna

Sorangan diuk na tatangkalan
Bobodasan. Nyisiran buuk nu panjang
Ceunah mah tiasa ngapung
Ceunah mah bisa ngalayang
Sing ulah kuring pependak
Mun pendak rek ditepangkeun

Ngaranna kunti !
Ngaranna kunti !
Osok disebut keur nyingsieunan

Ngaranna kunti !
Ngaranna kunti !
Lamun aya rek diajakan duet

Sorangan (duka keur naon) diuk na tatangkalan (eweuh pagawean)
Bobodasan. Nyisiran buuk nu panjang

Ceunah mah tiasa ngapung (eta mah ditalian)
Ceunah mah bisa ngalayang (eta mah bobohongan)
Sing ulah kuring pependak (kahade mun sorangan)
Mun pendak rek ditepangkeun

JAFUNISUN - KAMANA ATUH GAYA LYRIC

KAMANA ATUH GAYA (enya enggeus we atuh didieu)
Jafunisun

Kamana atuh gaya? Tos mamawa sagala
Bari jeung mawa duit ngan saaya-aya

Kamana atuh gaya? Dangdos na meuni beda
Aya beja rek ngalih ka kota

Didieu tos ngeunah. Eweuh macet sagala
Keun we da di kota mah geus loba jelema

Da ngeunah kieu hirup di Indonesia 
Da ngeunah kieu ngirup di Tanah Sunda
Urang bisa boga. asal aya usahana

Da ngeunah kieu hirup di Indonesia 
Da ngeunah kieu ngirup di Tanah Sunda
Lain wayahna deui ka kota

Kamana atuh gaya? Tos mamawa sagala
Bari jeung mawa duit ngan saaya-aya

Kamana atuh gaya? Dangdos na meuni beda
Aya beja rek ngalih ka kota

(Dialog)

Keun we da di kota mah geus loba jelema

(Enggeus atuh didieu)

Da ngeunah kieu hirup di Indonesia 
Da ngeunah kieu ngirup di Tanah Sunda
Urang bisa boga. asal aya usahana

Melak lauk ngingu hayam ngukutan domba
Melak pare melak jagong sagala rupa
Loba nu aya. Tinggal urang gawean

Da ngeunah kieu hirup di Indonesia 
Da ngeunah kieu ngirup di Tanah Sunda
Lain wayahna deui, geus lain wayahna deui 
Geus lain wayahna deui ka kota
  

JAFUNISUN - HATENA LYRIC

HATENA
Jafunisun

Naha maneh jadi sok ngahina?
Naha maneh jadi sok ngagogoreng?
Dina waktos kuring eweuh dihareupeun

Naha maneh jadi sok moyokan?
Naha maneh jadi pikasebeleun?
Nyarios sangeunahna bari ngabohong

Cik atuh ulah sakituna
Cik atuh ulah ngabobodo
Salah naon kuring kamaneh?
Dosa naon ka maneh?

Sok atuh lamun sarua bogohna
Sok atuh lamun sarua hoyongna
Maneh jeung urang teu kudu jadi pasea

Sok atuh lamun sarua bogohna
Sok atuh lamun sarua hoyongna
Maneh jeung urang teu kudu pasea
Yu atuh urang pa bisa bisa

Saha nu meunangkeun hatena
Saha nu meunangkeun hatena

Naha maneh jadi sok ngaghibah?
Naha maneh jadi sok ngagogoreng
Dina woktos kuring ekeur di tukangeun

Naha maneh jadi sok moyokan?
Naha maneh jadi pikasebeleun?
Ngomongkeun sangeunahna bari ngabohong

JAFUNISUN - ABDI OGE DIANTOSAN LYRIC

ABDI OGE DIANTOSAN
Jafunisun

Ayeuna.. Atawa moal salamina
Teu hayang abdi nutupan rasa
Nu iyeu teh meuni nyiksa

Kedah kiwari.. Atawa moal masing sakali
Sanes bade maksa hate abdi
Ngan teu tiasa leuwih lami deui

teu aya deui waktos keur ngantosan
Abdi mihareup Ngan abdi mah moal maksa
Tong teungteuingeun muji ka sorangan
Nyangki abdi bakal ngantos anjeun salamina

Abdi ge aya nu ngantosan..

Hariwang.. Hariwang moal hayoh karasa
Hanyakal iyeu moal matak lila
Da abdi bakal jeung manehna

Tos we antosan.. Pangantosan abdi nepi didieu
Sing pependak dina waktos payun
Pastina dina hate nu sanes

Tos cape ngantosan anjeun pipilih
Salsekeun wae anjeun tos milih manehna
Tong teungteuingeun muji ka sorangan
Mihareup abdi bakal ngantos anjeun salamina

Abdi ge aya nu ngantosan.. Abdi ge aya nu ngantosan..
Leres abdi ngantosan..
Ngan abdi oge diantosan